sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,
 
Alhamdulillahirobbilaalamiiien..

Bari lumantung dina waktu sariak layung
Kadenge tongeret bangun ngengkreng
dina tangkal kanyere

Rupa-rupa manuk leutik recet pating arajleng
tina regang ka regang
keur neangan tempat ngampih
atawa keur mileuleuyankeun giwangkara
nu rek ngareureuhkeun maneh

Tah harita kuring inget
kanu ngusik malikkeun sakumna mahluk dialam dunya
dibarengan ku puji kedaling ati

ALHAMDULILLAHIROBBILALLAMIIENN.....

Ummu Hanifah
15 Oktober 2011



Leave a Reply.


sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,