sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,
 
Kamana?

Dina tuntung rasa aya nu nyangsaya

Dina jero dada aya nu pagaliwota

Dina sukma aya tanda tanya

Diri salila ieu tumanya

Kudu kamana nepikeun rasa nu katideresa

Kudu kamana ngubaran rasa nu cangcaya

Cangcaya kupaneka mangsa

Kuring salila ieu tumanya

Dimana ayana ki sunda

Nu ceuk beja rek ngadeg sawawa

Tapi naha teu katimu di buana

Kamarana atuh urang sunda ?

Unggah ungguh,Purbastiti purbajati, ki sunda

Geus ilang teuing dimana ayana

Duka kabawa palid ku caahna mangsa

Duka di di teureuy ku sandekala

Anu telenges rongkah kacida

Kiwari gelik sora suling geus lila teu kapireng di buana

Jengtreng kacapi geus ilang di marcapada

Para pohaci geus teu bisa ninun ngarenda

Lantaran mangsa geus laas ku uga

Kamana, dimana kudu neangannana

Alam sunda nu baheula

Menang mapaesan pohaci jeung batara

Sangkan betah linggih para dewata

nu pinuh ku galindeng dangding sawarga

Nu jadi impian balarea

Kamana atuh kamana..

nyungsi jati diri urang sunda

duh...angin kuring tumanya

sugan andika meunang beja

pok geura wakca

bejaan kuring nu tunggara

tunggara ku sasalad mangsa

dimana atuh dimana

ngancikna rasa

rasa, jati diri urang sunda

ciamis, 030411

keur anjeung nu di pitineung ki sunda kuring nu boga

 
Rumeuk...

Kalimpudan ku samagaha

Cangcaya ...

Dina diri aya tanda tanya

Aya lalangse ..

Nu ngahalangan buruan hate

Pageuh napel katojo cayaha srangenge

Padahal hate kuring teh wening

Aya ka asih,aya kadeudeuh, aya kanyaah nu nyanding

Wungkul keur manehna nu di pieling

Tapi hanjakal duka teh teuing...

Dina dada aya rasa nu pagaliwota

Antara cangcaya jeung cinta

Antara cinta jeung cidra

Tapi diri teu bisa pukah tina rasa rumasa

Nu nyangkaruk na tungtung rasa

Asih ...deudeuh jeung ngewa

Teu beunang di gunasika

Keur nu ngarasa rumasa...

 
cai herang ngagenclang dina baskom warna kasumba

nu ditengahna aya daun tarate gandola

semu hideung lantaran tas di eleg ku mata poe,

daun tarate ampir layu..

kaciri siga nu nyumputkeun semu

tapi warnana masih aya nyari

katembong asri kotras jeung cai herang

dina urat-urat daun tarate aya asih anu wening

natrat ngagurat lir nu mikaeling

dina tunngtung daun tarate

aya geter-geter rasa , nu moal karasa lamun teu aya siloka .

dina dahan tarate gandola, aya hariring asmarandana .

nu teu ka pireng lantaran urangna teu surti kana rasa

dina pucuk daun tarate gandola,aya asih teu laksana

 

Lamun kuring boga jangjang

Siga manuk ngapung bisa ngalayang

Hiber bebas kumalayang

Kamana-mana teu aya nu ngahalang-halang

Rek ka alak paul ka tungtung mega

Nu biru pinuh ku rasa cinta

Kareuuet siga madu asmara

Dina poslen buatan cina

Naha enya kitu mun rasa geus ilang sirna

Tina raga hiji manusa

Dunya bakal pinuh ku dasamurka

Nu bakal ngancurkeun, ngaruksak buana

Tapi lamun kuring boga jangjang

Rek numpur ludeskeun sagala kahawirang

Rek meakeun sagala ringkang

Nu ngukukuntit dina kalangkang...





Ciamis 310311

 


sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,