sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,
 
OLAH SUKMA GAYA BARU by Ahmad Yani on Monday, May 16, 2011 at 11:27pm



Rumasa jadi guru anyar,kuring kacida ngestokeun pisan kana sagala parentah pimpinan.Sagala panitahna boh nu kaharti jeung nu teu kaharti teu weleh ku kuring di cumponan.Lain ari ngarasa diri sagala bisa mah, ngan kumaha atuh asa heurin ku letah ari rek nolak teh.Keun bae itung-itung cacarekan weh,dumeh ningan sakitu hesena jaman harita mah , hayang bisa diangkat jadi pagawe negeri teh.

Tapi basa di pentes ku kepala sekolah titah ngabantu ngalatih ekstra kurikuler Teater mah, rada lila oge kuring ngahulengna .Malahmah gagaro sirahna ge nepi ka cangkeul leungeun.Asa hayang sapok-pokkeun rek nolak, tapi can ge engab biwir teh  ,geus ngong manten kepala sekolah ngomong .

“ Percanten lah , ka Urang Bandung ,mah … Pasti tiasa ..! “

Euleuh-euleuh asa ku ngababarikeun ari juragan kepala sekolah ,tapi geus kagok dipercaya,dalah kudu dikumaha deui.Keun we rek di akalan,era ari kudu kumeok memeh dipacok mah .

Memang ari kana  teori teater mah teu poek-poekeun teuing,da  waktu kuliah ge, aya saeutik di bahas masalah eta teh .Tapi ari kudu ngadadak jadi pelatih mah …asa rada rampang –reumpeung .Baceo bari gulak gilek hareupeun barudak loba tea ,lain pagawean enteng-enteng .

Harita teh poe saptu sore, waktu nu geus ditangtukeun,kuring kudu ngamimitian ngalatih teater.Pakean ngahaja make sing sarwa hideung,ti mimiti: sendal,calana,kaos jeung topi ,kabeh hideung, geus puguh beungeut mah …da  ti mimitini gubrag ka alam dunya ge geus hideung .Pamajikan ge katingali siga rada kerung ,ningali kuring “tampil beda”teh,tapi  siganamah rek ngomong teu wani pok .

Datang ka tempat latihan ,rada kaporotan .Barudak anggota teater  geus ngamimitian latihan ,di pimpin ku Pak Yuda, guru senior kuring.Jumlahna aya kana opat puluh urangna campur awewe jeung lalaki .Pa Yuda kaciri atoheun pisan ningali kuring datang teh ,gancang manehna mapag malah bari nuyun sagala ,mawa kuring ka hareupeun barudak .

“ Anak-anak sekalian, kita patut berbangga , karena pada hari ini, kita telah kedatangan seorang guru baru, yang sekaligus akan menjadi pelatih teater, membantu Bapak di sini !.Kemampuannya dalam melatih teater , tak usah diragukan lagi,karena beliau akhli dalam bidangnya ,!. Beliau datang dari Bandung,dan pasti akan bisa membawa kelompok Teater sekolah kita ,untuk bisa lebih maju ,sesuai dengan yang kita harapkan …………………….!!!”. Pak Yuda terus ngabuis muji kuring , ….ari irung mah enya asa ngagedean …tapi edas hate asa jadi ngaleutikan .Eta deui pa Yuda ,ku harianeun ngomong teh asa kaleuleuwihi.Asal engab wae ,duka ti mana tah meunang sumber beritana , da rarasaanmah kuring can pernah loba cacarita jeung manehna teh !. Ari barudak ngadenge pidato pa Yuda teh lolobanamah kalahka olohok , panonna mencrong ka kuring , teuing kagum ,teuing teu percaya ,tapi teu ieuh dipikiran,da kuring ge keur sibuk nenangkeun hate .

“ Nah ! anak-anak , perkenalan dengan pelatih baru cukup sekian , Selanjunya saya persilahkan pak Yani,untuk memulai latihan !! “.Pa Yuda mungkas pidatona.

Gebeg teh hate ngagebeg !, suku meni asa beurat rek dilengkahkeun .Pangacian sawareh geus pating belecet,kabur teuing nyangsang di mana .Tuur mah titatadi geus nyorodcod siga nu lilinieun .Keteyep kuring leumpang ngadeukeutan  barudak nu keur ngariung , terus ngomong ,sora ngahaja rada digeremkeun ,meh rada berwiba kadengena ,bari jeung rada nutupan ka geumpeur nu geus titatadi nyayang disakujur awak.

“ Anak-anak ! , seperti telah kalian ketahui !,pola latihan dasar bermain teater terbagi atas 3 bagian ! ,yaitu Olah Vokal,Olah tubuh dan Olah sukma ! “ Reg kuring eureun heula,bari nyidik-nyidik beungeut barudak hiji –hiji , bisi aya nu nyeungseurikeun.

“ Nah …sekarang kita berlatih olah sukma ! , dalam berlatih olah Sukma ,dituntut konsentrasi yang sangat tinggi!,Pusatkan konsentrasi kalian ,pada satu kejadian yang pernah kalian alami !. dan ingat …pada saat berkonsentrasi kalian jangan sekali-kali ..terganggu oleh suara apapun !. Mengerti Kaliann ! “

Sora ngahaja leuwih digedean ,barudak kabeh arunggeuk , kuring jadi beuki wani,ningali beungeut biudak loba nu jadi pias .

“ Nah ,sekarang kalian ambil posisi duduk ,dan buat lingkaran ! ,  berkonsentrasilah dalam waktu 20 menit ! , Konsentrasi .! Mulaii !!! “ .Kuring marentah bari ngagorowok .

Barudak kabeh nurut kana parentah , saridakep sila ,panon mencrong lempeng ka hareup,sedengkeun leungeunna disarangheuykeun kana tuur sewang-sewangan . Kaayaan di rohangan latihan karasa jadi simpe ,Pak Yuda guru senior kuring anteng diuk di juru rohangan bari ngudud semu nikmat,haseupna mumbul ka luhur ..ngagarewahkeun cackcak nu titatadi anteng ngadodoho reungit nu euntrep deukeut liang angin .

Bari ngadagoan waktu,kuring leumpang ngurilingan budak nu keur anteng konsentrasi , beungeutna di teuteup hiji-hiji ,aya nu sakeudeung aya oge nu lila diteuteupna teh !,gumantung kana keureutan beungeut budak ..he he !,ngan lima menit kuring nguriling merhatikeun  budak teh. Ari saterusnamah kuring ge jadi kaget ,kaget ku perobahan nu ngadadak datang dina awak kuring.Sirah karasa lieur , beuteung ngurel ,jeung asa kembung,awak semu ngadaregdeg .Nu leuwih nyiksa …,dina beuteung siga aya hawa nu cing surungkuy ,beuki lila beuki rosa , parebut hayang paburu-buru kaluar .

Barudak anteng konsentrasina teh ! , kuring ge anteng …tipepereket nahan hawa jero beuteung nu maksa hayang kaluar .Aya pikiran rek kaluar saheulaanan, tapi asa era ku Pa Yuda jeung barudak .piraku kudu ninggalkeun hanca gawe,padahal apan ieu teh gawe munggaran nu kacida pentingna . Hawa nu cing seleket beuki nyered ka handap !,Satekah polah kuring nyoba nahan !,tapi orokaya ..ari lila-lila mah benteng pertahanan kuring ge …jebol !.

“Broooooooottt “ .cenah sora hawa nu seseleket titatadi teh kaluar disakalikeun,Sorana tarik ,semu handaruan ,tembok rohangan latihan meni ngariyeg,bakat ku rosa-rosana eta sora !.Badis we sora bom Molotov ..nu ngajelegur dina mangsa anu simpe !

“Ha ha ha ha ha !!!” barudak anu titatadi anteng konsentrasi ,bareng ngabarakatak . Malah cingburiak ngaracleng siga gaang katincak ,nyalametkeun diri ,ngajauhan pusat “gempa”.!

Sakedapan mah kuring asa kabur pangacian,rampang reumpeung ,teu puguh cabak ,bakat ku teu kuat nandangan wiwirang. Tapi untung teu lila,bray teh aya ilapat nu teuing timana datangna .Geuwat kuring ngacungkeun leungeun bari pepeta ,terus ngajorowok  tarik.

“ Hai ! anak-anak , mengapa kalian tertawa !!? , Cepat kembali duduk ..pada posisi semula,dan teruskan berkonsentrasi  !” ari ngadenge kuring hahaok mah ,barudak teh areureun seurina ,terus cing kolesed ,ngadeukeutan deui kana tempat diukna sewang-sewangan ,sababaraha urang diantarana mah masih keneh seuri bari dibekem,  malah aya nu cirambay sagala.Tapi lolobana mah ,diukna teh bari jeung meungpeukkan irung .Palebah dieu mah kuring teu wani nyarek ,da ngamaklum tong boro barudak ,dalah kuring ge masih keneh ngarasa, yen efek reaksi bom Molotov produksi bujur kuring teh  masih ka ambeu keneh !.

“Anak-anak ! ,Bapak benar-benar sangat kecewa pada kalian semua ! ,Ternyata konsentrasi kalian masih sangat lemah …!, Bapak …sudah mengingatkan di awal latihan ! , bahwa pada saat berkonsentrasi ,kamu harus Fokus , dan jangan sampai tergoda ..oleh suara atau bunyi apapun !! ,Apa yang bapak lakukan tadi …Semata-mata …hanya ingin mencoba , sampai sejauh mana tingkat konsentrasi kalian …! Dan ternyata kalian semua gagal …dalam pengujian ini ! “ ,kuring ngawakwak bari tibeberegeg.Barudak ngabaretem,teu aya nu nembal hiji urang oge ! ,ngareret ka  tukang , pak Yuda guru senior kuring keur ngadakom sisi jandela nu ayeuna mah di buka kacana ,nyeusep hawa luar nu masih seger.

Beres latihan ,sabada barudak bubar,buru-buru kuring muru pak Yuda, menta ijin rek balik.Pak yuda ngamanggakeun,ngan samemeh pisah ,manehna ngomong bari nepak punduk kuring .

“ Aduh ,sae pisan Yi , metode latihan Olah Sukma teh !,asa nembe ningali akang mah ,metode model kitu teh “.Kuring ngan ukur bisa ngajawab ku seuri leutik .Bororaah hayang ngobrol papanjangan,nu ay amah hayang geura nepi ka imah , geus teu kuat hayang geura-geura ganti calana.Bongan nu kaluar tadi the sihoreng lain sora wungkul tapi lengkep jeung bukurna .

Pintu Barat Unjani,

Senen,16 Mei 2011.




Leave a Reply.


sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,