sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,
 
by: Idah Nuryati 


Teu kungsi lila pa Mantri sumping, ceg nempelkeun statoskop jeung tensimeter, tuluy ngukur tensi darah bu Anah, pipi bu anah ditepuk-tepuk tapi tetep teu daek beunta. “Pa Arman, rupina kedah enggal dicandak ka Rumah sakit wae, katawisna mah bu Anah teh kaserang strocke, tensi darahna 240/70” cek pa mantri daria pisan.”Muhun sae pa Mantri, mangga atuh pa Udi jang Maman bantosan deui, urang candak kana mobil sim kuring we, Enung ge ngiring nya?” cek kang Arman bari ngojengkang ka tengah imah, kuring unggeuk tuluy nyokot tas jeung sendal.
Sajeroning di perjalanan ka rumah sakit hate kuring angger sabil, naha bisa kuring lkhlas manguruskeun bu Anah? Lieuk ka tukang katingal bu Anah ngajoprak teu walakaya pa Udi jeung jang Maman nyangsaya gigireuna. “Pa Udi, dupi caroge bu Anah kinten-kinten aya dimana nya?” cek kang Arman muka carita.”Duka nya pa Arman, da nyariosna mah sok nyupiran ka luar Jawa nyandak barang” Pa udi ngajawab bari jung cengkat menerkeun tangan bu Anah nu ngaplek ka sisi jok mobil.
Mobil laju meni tarik nyemprung muru ka rumah sakit, sanggeus nepi ka tempat parkir bu Anah ditaekkeun kana blankar, tuluy dibawa ka ruang UGD, Dokkter jeung perawat tapis naker mariksa bu Anah, kang Arman disaur ka kassa duka naon nu dicaritakeuna ngan katingal kang Arman nandatangan dina kertas salambar.
Sajam ti harita bu Anah beunta, panonna gular giler bangun nu neges-neges kaayaan ret ka kuring, tarangna kerung “ Dimana ieu..?” bu Anah nanya teu pati bentes bari rek hudang “ Sstt.. ibu ulah waka gugah, ibu nuju di rumah sakit, tadi ibu kapiuhan “ cek kuring bari nahan sangkan bu Anah teu hudang. “ Ari ieu saha? Lilis nya? “ “ Punten ibu lepat, abdi mah Enung istrina kang Arman, tuh itu nu nuju nyarios sareng dokter “ kuring nunjuk ka kang Arman. Bu Anah ngareret ka lebah kang Arman, berebey cipanonna ngaberebey mapay pipi, biwirna nu semu bengo luway liwey nahan piceurikeun bari pok nyarita bari dareuda tur kadengena balelol teu pati jelas :” Hapunten ibu Eneng, tadi kasamaran.... ibu bakat ku keuheul ka salaki, tos dua poe teu mulang cenah aya beja boga deui pamajikan ka tatangga lebah lembur Eneng, ngaranna Lilis.... “ segruk bu Anah ceurik nginghak.
Kuring ngupahan sangkan bu Anah repeh : “ Atos Ibu ulah diemutan, ayeuna mah ibu sing damang we “ “ Nuhun Eneng, mung ibu kaduhung teu maluruh heula leres henteuna, ngagugu caritaan batur...” bu Anah nyegruk deui teu bisa diupahan. “ cenah Lilis teh lebah dinya imahna dedegana jiga Eneng, sok dijilbab umurna kira-kira 35 taun, nya ibu teh milarian.... aya nu nuduhkeun ka bumi Eneng, atuh barang gok teh ibu jolyakin we Eneng teh Lilis tea...” segruk deui bu Anah ceurik bari gapleungeuna nyekelan dampal leungeun kuring pageuh pisan “ Hapunten pisan ibu nya Eneng...”
Kuring ngan bisa unggeuk ngaenyakeun, cimata teu kaampeuh murubut maseuhan pipi.
“ Deudeuh bu Anah... jigana mun kuring nu ngalaman dikhianatan ku salaki jiga kitu, nya moal beda ambek jeung keuheulna boh kanu jadi salaki atawa ka awewena, ngan kuring mah rek mikir heula asak-asak “ tapi teu kedal ukur dina jero hate.
Cag.


InTansar231011



Leave a Reply.

    Author

    Write something about yourself. No need to be fancy, just an overview.

    Archives

    November 2011

    Categories

    All


sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,