sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,
 
by: Idah Nuryati


Keur jongjon diuk dina bangbarung jol aya awewe tengah tuwu ngabedega nagtung hareupeun pisan panonna beureum buringas irungna rebeh ngan gantawang we nyarita bari nulak cangkeng curukna meni ngacir nunjuk kana beungeut kuring “Ieu nya nu ngarana si Lilis teh, dasar awewe teu boga kaera, ieuh... lamun didinya hayang boga salaki mah montong ngagoda salaki batur, tuh da loba keneh lalaki nu lengoh , rek bujang rek duda ge.... “ manehna nyarita jiga mobil beus nu blong eremna dina pudunan. kuring sakedapan reuwas tapi buru-buru mundur ngeser kajero imah bisi manehna neunggeul atawa nampiling, bluk we panto buru-buru ditutupkeun jepret dikonci, tikoro nyelek, awak ngadegdeg, saumur hirup kakara dicarekan batur teu pupuguh. “Aeh-aeh..abong rumasa nya? Kalah asup ka imah???”gedor sora panto digedor ti luar, kuring istighfar.
“Assalamu’alaikum..” kadenge sora kang Arman salaki kuring uluk salam. Kuring mukakeun hordeng jandela kang arman katingal keur mencrong kanu keur ngagedor panto “Punten Ibu.., aya naon nya meni rareuwas kitu?” “Huh.. ari Bapa naonnasi Lilis? Bapana nya? Tah warah pa budak teh calutak, culangung, ngadon salingkuh jeung salaki kuring” tembalna bari teugeug “Oh... punten atuh, dupi ibu teh saha sareng timana?” “ lah teu kudu apal saha kuring da lain urang jauh tatangga keneh “ bari jengkat indit teu nolih kanu nanya.
Cimata kuring teu kaampeuh deui, segruk ceurik bari muka tulak panto, sup kang Arman asup, tuluy ngarangkul “Tos Nung ulah nangis, si ibu teh kasamaran panginten ..” sora kang Arman meni leuleuy bari ngusapan pipi kuring nu baseuh ku cimata. “Reuwas atuda kang, meni ujug-ujug wae..” tembal kuring bari nyangsaya dina dadana. “Muhun, wios kedah sabar sareng asak hampuara, sok anggur mah pangnyandakkeun ciherang ah, akang haus” bari celengok ngesun tarang. Belenyeh kang Arman imut bari ngiceupan, ngan jeletot we ku kuring diciwit cangkengna. 
Sabot kuring nyicikeun cai kana gelas, kadenge aya sora anu aduh-aduhan bangun nu nyeri naker, buru-buru gelas teh diasongkeun ka kang arman, kuring mukakeun panto ningali kaluar, da puguh imah teh sisi jalan desa katingal aya dua lalaki nu keur ngagotong jalma, kuring can sidik sah-sahana eta jalma, kang Arman tuturubun ka lajalan mantuan ngagotong cag we eta jalma diecagkeun dina teras imah kuring, breh katingal bajuna bet persis jiga baju nu dipake ibu-ibu tengah tuwu nu tadi nyarekan kuring, kuring ngadeukeutan nyidikkeun beungeutna, jelas teu salah deui si ibu nu tadi, katingal pias, biwirna rada bengo , badana teu walakaya tayohna manehna kapiuhan “Kuanon ieu si ibu teh pa Udi?” cek kang Arman ka pa Udi nu nagagotong “Duka pa Arman, nembe teh abdi wangsul ti kebon lebah tikungan jalan nu aya pos ronda katingal ieu bu Anah tos nambru kapiuhan” . “Oh kitu pa Udi? Punten atuh pangnyaurkeun pa Mantri heula di bumina, sina diparios didieu we, sok Jang Maman urang alihkeun ka kamar tamu din rorompok we ulah di luar” Cek kang Arman ka jang maman ngajak ngagotong bu Anah ka kamar tamu kuring. Hate kuring sabil ras inget cik keneh eta nu ngaran bu Anah teh nyarekan jeung mitnah kuring bebeakan, ayeuna kieu kaayaana “Nung...” kang Arman ngagebah “Atos ulah ngemutan kajantenan tadi nya, ayeuna mah anggur pangdamelkeun cipanas kanggo ngompres bu Anah hawatos, saurna mah bu Anah di bumina mung nyalira da carogena tos dua dinten angkat duka kamana, jabi teu gaduh putra teu gaduh wargi didieuna teh, sok da Enung mah sholeh.. sing kersa ngahapunten nya?” cipanon kuring ngalimba antara sedih jeung bungah, sedih ningal bu Anah nu tunggara teu walakaya, bungah boga salaki nu salilana ngingetan, nuhun Gusti abdi dipasihan kang Arman nu tiasa nungtun abdi dunya akherat...




Leave a Reply.

    Author

    Write something about yourself. No need to be fancy, just an overview.

    Archives

    November 2011

    Categories

    All


sajak, sastra, puisi, poetry, poem, writing, menulis, cerpen, novel, diksi,